B. Daerah

Pertanyaan

ngalemeskeun 1. kuring resep lalajo wayang golek 2.kuring jeung bapa sarua resep lalajo wayang 3.kuring keur di ajar ngawih 4.di TVRI Bandung mindeng diayakeun pagelaran wayang golek 5.kamari kuring ngiluan pasanggiri pupuh 6.indra jadi juara kahiji dina pasanggiri pupuh 7.neng irma mah resep pisan kana kawih sunda 8.kuring sok ngiluan kursus ngadalang 9.lamun geus gede kuring hayang jadi dalang 10.peuting kamari kuring lalajo gending karesmen di rumentang siang

1 Jawaban

  • Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Jadi, ngalemeskeun kalimah nyaeta ngarobah kalimah nu tadina dina ragam basa loma kana kalimah dina ragam basa hormat / lemes.    

    Pembahasan

    Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Contona, lemesna tina "bapa" atawa "bapa kuring" nyaeta "pun bapa" lain "bapa abdi". Pikeun ngajawab pananya di luhurm di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna:

    1. Kuring resep lalajo wayang golek, lemesna Abdi resep nongton wayang golek  
    2. Kuring jeung bapa sarua resep lalajo wayang, lemesna Abdi sareng pun bapa sami resep nongton nongton wayang  
    3. Kuring keur diajar ngawih, lemesna Abdi nuju diajar ngawih  
    4. Di TVRI Bandung mindeng diayakeun pagelaran wayang golek, lemesna Di TVRI Bandung sering diayakeun pagelaran wayang golek  
    5. Kamari kuring ngiluan pasanggiri pupuh, lemesna Kamari abdi ngiringan pasanggiri pupuh  
    6. Indra jadi juara kahiji dina pasanggiri pupuh, lemesna Indra janten juara kahiji dina pasanggiri pupuh  
    7. Neng Irma mah resep pisan kana kawih Sunda, lemesna Neng Irma mah resep pisan kana kawih Sunda  
    8. Kuring sok ngiluan kursus ngadalang, lemesna Abdi sok ngiringan kursus ngadalang  
    9. Lamun geus gede kuring hayang jadi dalang, lemesna Upami tos ageung abdi hoyong janten dalang
    10. Peuting kamari kuring lalajo gending karesmen di rumentang siang, lemesna Wengi kamari abdi nongton gending karesmen di Rumentang Siang  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Ngalemeskeun kalimah

Pertanyaan Lainnya