Naon bedana antara resensi jeung kritik
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Resensi nyaeta tulisan anu eusina ngeunaan penilaian kana hiji karya, saperti karya anu mangrupa buku carita pondok atawa carpon, novel, seni drama, atawa film. Anu ditulis dina resensi nyaeta kaleuwihan, kakurangan jeung informasi lianna pikeun ditepikeun ka masarakat.
Sedengkeun anu dimaksud kritik nyaeta tulisan anu eusina ngeunaan pendapat, interprestasi tina karya sastra atawa seni saperti karya seniman, ilmuwan, musisi atawa aktor. Tulisan ngeunaan kritik biasana ditepikeun dina jurnal ilmiah.
Pembahasan
Karya sastra biasa ditulis resensi jeung kritik na nyaeta karya sastra saperti prosa, puisi, drama, film jeung sajabana ti eta. Conto karya sastra dina wangun prosa nyaeta saperti carpon, novel, dongeng, jeung carita wayang.
Pelajari lebih lanjut
- Bedana carpon jeung dongeng https://brainly.co.id/tugas/2729194
- Naon anu jadi ukuran pondok dina carpon https://brainly.co.id/tugas/9675905
- Bedana carpon jeung novel https://brainly.co.id/tugas/5406448
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pondok
Bab : 7
Kode : 10.13.7
Kata Kunci : Kritik, prosa, carpon, dongeng, novel