B. Daerah

Pertanyaan

Pék, paraprasékeun sajak dihandap ieu! Aya mangsana datang Aya mangsana miang Datang dipapag ku gumbira Miang dijajap ku cimata

1 Jawaban

  • Paraprase atawa parafrase nyaeta mindahkeun eusi tulisan anu asalna tina hiji wangun sastra ka wangun sastra lianna, saperti mindahkeun tulisan tina sastra wangun puisi kana tulisan sastra wangun prosa. Di handap ieu nyaeta paraprase pada kahiji tina hiji sajak anu mangrupa puisi (Aya mangsana datang Aya mangsana miang Datang dipapag ku gumbira Miang dijajap ku cimata) kana tulisan wangun prosa :

    Dina kahirupan urang, saperti dina urang sakola, aya mangsana datang nyaeta mangsa waktu urang asup ka sakola, jeung aya oge mangsana miang nyaeta mangsa waktu urang kaluar atawa lulus ti sakola. Waktu urang kakara asup sakola teh urang sarerea ngarasa gumbira, sabab gumbira panggih jeung babaturan anyar, sakola anyar, jeung bapa ibu guru anyar. Sedengkeun waktu urang rek kaluar atawa geus lulus sakola, urang ngarasa sedih rek pisah jeung babaturan, pisah jeung sakola, jeung pisah jeung bapa ibu guru.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak

    Kelas : XI (2 SMA)

    Kata Kunci : Parafrase, paraprase

Pertanyaan Lainnya