Naon wangsalna dina wawangsalan ieu di handap Anténeu piring nu badag kudu getol sakola (wangsalna....)
B. Daerah
farisjuldahaida
Pertanyaan
Naon wangsalna dina wawangsalan ieu di handap
Anténeu piring nu badag
kudu getol sakola
(wangsalna....)
Anténeu piring nu badag
kudu getol sakola
(wangsalna....)
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Ditilik tina wangun kekecapannana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Tapi dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan, saperti wawangsalan di handap ieu :
Anténeu piring nu badag
kudu getol ka sakola
Dina unggal wawangsalan aya "wangsalna". Wangsalna tina wawangsalan nu di luhur nyaeta "parabola". Kecap parabola teh mangrupa harti tina kalimah nu aya dina padalisan kahiji nyaeta "anteneu piring nu badag".
Dina wawangsalan, harti kalimah nu aya dina padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya kalimah padalisan kadua. Jadi, kecap parabola murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Kecap "parabola" murwakanti jeung kecap "sakola".
Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi.
Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran nu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Jadi, kalimah "Anténeu piring nu badag" teh mangrupa cangkang, sedengkeun kalimah "kudu getol ka sakola" mangrupa eusi. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, sisindiran nu di luhur teh eusina mangrupa piwuruk.