Ngagorowok luhureun pasir Aki, geus meunang sabaraha kibik … Parafrasekeun sempalan sajak di luhur!
Pertanyaan
Aki, geus meunang sabaraha kibik
…
Parafrasekeun sempalan sajak di luhur!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Anu dimakksud parafrase teh nyaeta ngarobah hiji tulisan nu aya dina hiji wangun sastra ka wangun sastra lianna anu beda, saperti ngarobah hiji tulisan anu asalna tina wangun sajak kana wangun prosa. Sanajan sajak teh mangrupa tulisan atawa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket ku aturan, tapi sajak nyaeta karya sastra anu diwatesan ku padalisan (jajar) jeung pada (bait). Sedengkeun prosa nyaeta karya sastra nu henteu diwatesan ku padalisan jeung pada.
Pikeun ngajawab pananya di luhur, dua padalisan wangun sajak di handap ieu, nyaeta :
Ngagorowok luhureun pasir
Aki, geus meunang sabaraha kibik
Di-parafrasekeun kana tulisan wangun prosa di handap ieu :
"Waktu Ki Arsik keur segut digawe, datang aya anemer ti Bandung, terus nanya ngagorowok ka Ki Arsik ti luhureun pasir "Aki, geus meunang sabaraha kibik?", anu maksudna eta anemer teh nanya ka Ki Arsik geus beubeunangan sabaraha kibik batu tina digawena."
Jadi, pikeun ngajawab pananya di luhur, sanajan anu ditanyakeun teh nyaeta parafrase dua padalisan sajak kana tulisan anyar wangun prosa, urang kudu bisa ngarti naon eusi atawa maksud nu aya dina eta sajak sacara lengkep. Pikeun nganalisa eusi rumpaka hiji sajak, aya sawatara unsur anu aya dina rumpaka sajak anu bisa digunakeun, nyaeta unsur tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasam sarta amanat.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : XI (2 SMA)
Kata Kunci : Parafrase