anténeu piring nu badag kudu getol ka sakola wangsalna ?
B. Daerah
aurelialie
Pertanyaan
anténeu piring nu badag
kudu getol ka sakola
wangsalna ?
kudu getol ka sakola
wangsalna ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Kekecapan "Anténeu piring nu badag, kudu getol ka sakola" teh mangrupa salahsahiji rupa sisindiran anu disebut wawangsalan. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan.
Unggal wawangsalan miboga "wangsalna". Wangsalna tina wawangsalan anu di luhur nyaeta "parabola". Kecap parabola mangrupa harti tina kekecapan nu aya dina padalisan kahiji nyaeta "anteneu piring nu badag". Kecap parabola oge murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua, kecap "parabola" murwakanti jeung "sakola".