Naon wangsalna tina wawangsalan ieu di handap Anteneu piring nu badag Kudu getol ka sakola (wangsalna.......) ?
Pertanyaan
Anteneu piring nu badag
Kudu getol ka sakola
(wangsalna.......) ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Sedengkeun sisindiran nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan.
Pembahasan
Dina paparikan jeung rarakitan, purwakanti antar engang tungtung nu aya dina unggal padalisan bisa sacara jelas kaciri. Sedengkeun dina wawangsalan purwakantina henteu sacara jelas kaciri. Dina wawangsalan harti tina padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua, saperti conto di handap ieu:
Anteneu piring nu badag
Kudu getol ka sakola (wangsalna parabola)
Pikeun ngajawab pananya di luhur, wangsalna parabola. Kumaha maksudna?. Umpama nilik kana wawangsalan di luhur, harti padalisan kahiji nyaeta parabola, kecap parabola murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua nyaeta sakola. Dina wawangsalam di luhur kecap parabola teh disebut "wangsalna".
Dina sisindiran aya bagian nu disebut cangkang atawa sampiran jeung aya bagian anu disebut eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi.
Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna aya tilu rupa sisindiran, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred. Conto sisindiran nu diluhur nyaeta wawangsalan anu eusina piwuruk.
Pelajari lebih lanjut
- Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
- Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
- Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 9
Kode : 10.13.9
Kata Kunci : Wawangsalan, sisindiran