B. Daerah

Pertanyaan

Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan, nyaéta…
A. guru gatra jeung watek pupuh
B. panjang karangan jeung wanda pupuh
C. struktur carita jeung motif carita
D. palaku caritakatut watekna
E. latar jeung eusi karangan

1 Jawaban

  • Anu ngabedakeun wawacan jeung guguritan, nyaeta (B.) panjang karangan jeung wanda pupuh. Panjang karangan wawacan basana leuwih panjang ti panjang karangan guguritan, sabab wawacan eusina mangrupa carita siga dongeng, sedengkeun guguritan eusina henteu mangrupa carita. Pupuh anu digunakeun dina wawacan biasana ngan pupuh Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun pupuh anu digunakeun dina guguritan bisa pupuh Sekar Ageung atawa Sekar Alit.

    Pembahasan

    Wawacan jeung guguritan nyaeta puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung sok disebut pupuh KSADA, singgetan tina ngaran pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh.

    Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleungkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku ngan saukur sarupa tembang. Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu.    

    Guru wilangan nyaeta aturan jumlah engang dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta aturan sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Salian aya aturan guru wilangan jeung guru lagu, unggal pupuh oge miboga watek atawa karakter anu beda-beda.

    Pelajari lebih lanjut

    • Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XII

    Mapel : Bahasa Sunda - Wawacan

    Bab : 1

    Kode : 12.13.1

    Kata Kunci : Puisi Sunda, wawacan, guguritan, pupuh

Pertanyaan Lainnya