B. Daerah

Pertanyaan

Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaeta….
A. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula,
B. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
C. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Juru demung
D. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Pucung
E. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Magatru

1 Jawaban

  • Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaeta (A.) Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula. Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan.  

    Aya 13 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta pupuh Sekar Ageung jeung pupuh Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Wawacan biasana sok ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.

    Pembahasan

    Pupuh nu aya dina Sekar Ageung sok disebut oge pupuh KSAD nyaeta singgetan tina ngaran pupuh Kinanti, Sinom, Asamarandana jeung Dangdanggula. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang.

    Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit sok dihaleungkeun ku ngan saukur sarupa tembang. Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu.

    Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan. Salian ti miboga guru wilangan jeung guru lagu anu beda-beda, unggal pupuh oge miboga watek atawa karakter anu beda-beda.

    Pelajari lebih lanjut

    • Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XII

    Mapel : Bahasa Sunda - Wawacan

    Bab : 1

    Kode : 12.13.1

    Kata Kunci : Wawacan, guguritan, pupuh, puisi Sunda

Pertanyaan Lainnya