Ki Arsik urang cicarita Ngahaja nugar batu curug sigay. Parafrasekeun sempalan sajak di luhur
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Parafrase nyaeta mindahkeun atawa ngarobah wangun hiji karya sastra kana wangun lianna, saperti tina wangun puisi kana wangun prosa atawa sabalikna. Kalimah atawa kekecapan "Ki Arsik urang cicarita Ngahaja nugar batu curug sigay" teh sabenerna mah mangrupa dua padalisan hiji sajak anu judulna "Di Panugaran Batu Curug Sigay". Jadi dua padalisan eta sajak teh umpama ditulis saperti di handap ieu :
Ki Arsik urang cicarita
Ngahaja nugar batu curug sigay
Umpama eta dua padalisan teh diparafrasekeun, nyaeta dirobah tina wangun puisi (sajak) kana wangun prosa bisa jadi saperti :
"Ki Arsik teh nyaeta saurang tukang nugar batu anu asalna ti Cicarita, ngahaja manehna indit ka Curug Sigay anu maksudna nyaeta pikeun nugar batu".
Sajak teh nyaeta salahsahiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina nulisna teh sajak mangrupa tulisan anu diwatesan ku padalisan jeung pada. Hiji sajak bisa mngrupa tulisan anu eusina mangrupa sawatara padalisan jeung sawatara pada.
Sajak beda jeung prosa, ari prosa mah dina nulisna teh henteu siga sajak anu diwatesan ku padalisan jeung pada. Salian ti eta, kecap-kecap anu aya dina sajak biasana loba ngandung harti kiasan atawa konotatif, sedengkeun kekecapan nu aya dina prosa mah biasana mah sagemblengna atawa bisa langsung kaharti.
Kukituna dina ngalakukeun parafrase tina wangun puisi, saperti sajak, kana wangun prosa, hartina nyaeta urang kudu nagrobah sawatara kekecapan anu bisa miboga harti konotatif kana kekecapan anu hartina sagemblengna atawa jelas, lain harti kiasan.