B. Daerah

Pertanyaan

Naon wangsalna tina wangsalan ieu di handap?
Kuda tunggang dimesinan
Kahade awak kalotor

1 Jawaban

  • Tina wawangsalan di luhur wangsalna nyaeta motor. Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa tina puisi Sunda. Aya tilu rupa ssindiran nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Sedengkeun lamun ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa sisindiran nyaeta sisindiran nu eusina piwuruk, sailihasih jeung sesebred atawa heureuy.  

    Pembahasan

    Cara nilik wangsalna tina hiji wawangsalan nyaeta yen harti padalisan kahiji kecapna murwakanti jeung salah sahiji kecap nu aya dina padalisan eta wawangsalan. Contona di handap, harti padalisan kahiji nyaeta "motor", kecap "motor" murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua nyaeta kecap "kalotor". Kecap motor murwakanti jeung kecap kalotor:

    Wawangsalan

    Kuda tunggang dimesinan

    Kahade awak kalotor (wangsalna motor)

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X  

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 9

    Kode : 10.13.9

    Kata Kunci : Wangsalna nyaeta

Pertanyaan Lainnya