Conto bubuka biantara
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Conto bubuka biantara nyaeta saperti "Puji sareng sukur mangga urang sanggakeun ka Gusti Allah SWT, oge shalawat sareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW. Bapa sareng Ibu guru, rerencangan simkuring sadayana, langkung ti payun simkuring dina waktos anu sae ieu peryogi ngauningakeun wirehna..." jeung saterusna.
Pembahasan
Bagean-bagean nu aya dina hiji biantara nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup. Sedengkeun unsur-unsur nu aya dina hiji biantara nyaeta anu nepikeun biantara, bahan atawa materi biantara, anu ngaregepkeun biantara, jeung tema biantara. Aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi.
Dina basa Indonesia biantara teh sok disebut pidato. Biantara nyaeta nepikeun kedalan atawa caritaan di hareupeun jalma rea, anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah. Komunikasi nu aya dina hiji biantara biasana saarah atawa monolog. Biantara biasa direspon ku anu ngaregepkeunana ngan saukur ku unggeuk, godeg, seuri atawa keprok.
Aya sawatara rupa tujuan atawa maksud dina hiji biantara. Di handap ieu dijentrekeun rupa-rupa tujuan atawa maksud nu bisa aya dina hiji biantara:
- Pikeun mere informasi atawa pamahaman ka batur, disebutna Biantara Informatif.
- Pikeun mangaruhan batur sangkan daek milu kana kahayang anu nepikeun biantara, disebutna Biantara Persuasif.
- Pikeun ngayakinkeun ka batur ngeunaan hiji perkara atawa pasualan, disebutna Biantara Argumentatif.
- Pikeun ngagambarkeun ka batur ngeunaan hiji kaayaan, disebutna Biantara Deskriptif.
- Pikeun nyieun batur jadi gumbira, disebutna Biantara Rekreatif.
Pelajari lebih lanjut
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Struktur Biantara brainly.co.id/tugas/4601546
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Biantara
Bab : 1
Kode : 10.13.1
Kata Kunci : Biantara, bubuka biantara