naon wangsalna Tina wawangsalan ieu dihandap anteneu piring nu badag, kudu getol
B. Daerah
iing10
Pertanyaan
naon wangsalna Tina wawangsalan ieu dihandap anteneu piring nu badag, kudu getol
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Wawangsalan teh mangrupa salahsahiji sisindiran. Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Jadi, dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan, saperti wawangsalan di handap ieu :
Anténeu piring nu badag
kudu getol ka sakola (wangsalna parabola)
Unggal wawangsalan miboga "wangsalna". Wangsalna tina wawangsalan anu di luhur nyaeta "parabola". Kecap parabola nu mangrupa wangsal tina wawangsalan di luhur teh nyaeta mangrupa harti tina kekecapan nu aya dina padalisan kahiji "anteneu piring nu badag".
Dina hiji wawangsalan, harti kekecapan anu aya dina padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina kekecapan padalisan kadua. Maksudna, kecap parabola murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua, nyaeta kecap "parabola" murwakanti jeung kecap "sakola".
Dina sisindiran aya bagean nu disebut cangkang jeung bagean eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Biasana, dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan engang.
Umpama nilik kana sisindiran wawangsalan di luhur, kekecapan "Anténeu piring nu badag" teh mangrupa cangkang, sedengkeun kekecapan "kudu getol ka sakola" mangrupa eusi. Sedengkeun eusi atawa maksud sisindiran nu di luhur teh nyaeta mangrupa piwuruk.