jieun kalimah tina kecap kacindekan
B. Daerah
FarrasMbrk
Pertanyaan
jieun kalimah tina kecap kacindekan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Conto kalimah anu ngagunakeun kecap kacindekan nyaeta saperti "Ari dina sawala teh kudu aya kacindekan atuh ulah kalahka hayoh wae ngalor ngidul nyarita". Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa akrab atawa kasar. Conto kalimah nu di luhur kaasup kana ragam basa akrab atawa kasar.
Conto kalimah dina ragam basa hormat atawa lemes anu ngagunakeun kecap kacindekan nyaeta "Upami dina sawala teh kedah aya kacindekan atuh ulah kalahka teras wae ngalor ngidul nyarios". Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur saluhureun atawa nu dihormat.